Tampilkan postingan dengan label Jaleuleu. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Jaleuleu. Tampilkan semua postingan

Jumat, 26 Oktober 2018

TURUNAN BATUWANGI CADU NGADAHAR HULU HAYAM




Cung, nu kungsi ulin ka Singajaya! Di Singajaya, perenahna di kampung Batuwangi désa Ciudian, aya hiji makam anu tepi ka ayeuna masih dikaramatkeun, nyaéta makam Éyang Batuwangi. Makamna aya di hiji leuweung tutupan, nu dilingkung ku pasawahan. Cenah, baheulana mah ieu pasawahan téh mangrupa leuweung geledegan. Ayeuna leuweungna geus béak, nu nyésa kari sagumpluk di sabudeureun makam. 

Mun rék jaroh ka Makam Batuwangi, ti Garut urang bisa numpak mobil élf jurusan Singajaya. Eureun di kampung Batuwangi, désa Ciudian. Ti dinya mah kari nanyakeun ka urang dinya. Tangtu saréréa gé apaleun, tur bakal daék nuduhkeun lebah-lebahna. Atawa hadéna mah nepungan heula kuncén makam, Pa Opo Sactadipati, nu imahna teu jauh ti sisi jalan.

Ti jalan raya, urang bakal diajak asup ka jalan leutik, terus meuntas rawayan. Kadé, mun leumpang dina rawayan, kudu ati-ati, tapi ulah asa-asa. Geus kitu kudu leumpang dina galengan sawah. Tapi da galengan sawahna gé kasebut rada rubak, jadi moal matak paur tigejebur ka sawah. Ti lawang, urang dibagéakeun ku wangunan mushola leutik tina bilik. Kompleks makam, ayana di kuloneun mushola. Dikubeng ku témbok, nu luhurna dipager ku kawat cucukan. Aya lawang leutik. Barang bus, urang bakal dibagéakeun ku wangunan saung, nu lanténa dikeramik bodas. 

 “Tempat kanggo nu jaroh ngadarunga,” ceuk Pa Opo. Ngahaja cenah disaungan téh, ngarah nu jaroh teu kahujanan. Ari makamna, perenahna hareupeun saung pisan. Dikubeng ku pager beusi. Dikeramik. Tetenggerna dibungkus ku lawon bodas, nu teu weléh beresih. Luhureun makam aya tangkal kai malang, doyong jiga rék rungkad. “Tos ti kapungkurna kitu,” ceuk Pa Opo.

“Ari jaroh mah tiasa iraha baé, mung upami hoyong ninggal pusaka titinggal Eyang Batuwangi, sumpingna dina ping 14 Mulud.” Ceuk Pa Opo, saban ping 14 Mulud, sok aya upacara ngalungsur Pusaka titinggal Éyang Batuwangi. Diantarana aya naskah sajarah jeung silsilah Batuwangi, nu nyaritakeun lalampahan Éyang Batuwangi basa nyebarkeun agama Islam, jeung silsilah turunan Batuwangi. Naskah ditulis maké aksara arab gundul, dina basa Cirebonan. Ceuk Pa Opo, naskah nu aya téh naskah salinan. Nu aslina leungit ti jaman akina pa Opo keur jeneng kuncén. Aya béja, cenah aya naskah séjén ngeunaan Éyang Batuwangi anu disimpen atawa diamankeun ku R. Solaéman Anggapraja (alm) di bumina, Jalan Ciledug Garut.

Éyang Batuwangi, lain baé dikaramatkeun ku masarakat Batuwangi Ciudiang jeung sabudeureunna, dalah masarakat ti luareun wewengkon Garut gé réa nu sok ngahajakeun datang, ngadon jaroh ka ieu makam. Utamana dina bulan Mulud. Ké, ké, ké. Ari kitu, nya saha atuh Éyang Batuwangi téh?

Numutkeun dongéng Pa Opo, Éyang Batuwangi téh karuhun urang Ciudian. Anjeunna téh minangka raja atawa narpati ti kadaleman Batuwangi, anu gelarna Bagénda Raja Batara Rahyu Kinasihan. Ari Kadaleman Batuwangi téh hiji kadaleman atawa karajaan leutik, anu perenahna nya di Batuwangi pisan. Wates wilayahna ti Pamegatan Cikajang ayeuna, tepi ka Pamegatan Pacing. 

Basa keur dinarpatian ku Éyang Batuwangi atawa Bagénda Raja Batara Rahyu Kinasihan, kadaleman Batuwangi téh mashur kacida. Kaceluk minangka kadaleman anu subur makmur. Rajana ogé kakoncara minangka raja anu luhung panemu jembar panalar tur arif wijaksana. 

Éyang Batuwangi ogé dipercaya minangka raja anu nyebarkeun Islam di wewengkon Batuwangi. Anjeunna diislamkeun ku Prabu Kéansantang, anu harita keur dina lalampahan ngudag ramana, Prabu Siliwangi nu kabur ninggalkeun Pajajaran lantaran nolak ajaran Islam anu dibawa ku Kéansantang. 

Eyang Batuwangi téh budak awéwé nu geulis bawa ngajadi, ngaranna Nyi Putri Kentring Manik. Anjeunna ditikah ku hiji Sinatria, nu nelah Rangga Wulung. Basa keur hajat, Rangga Wulung nuang bakakak hayam, kalebet huluna. Pas ngégél hulu hayam, ana crot téh polona ngacleng. Clak, kana dada Nyi Putri. Atuh Nyi Putri kawwirangan dan kajadianna kasaksén ku para tatamu. Pikeun nutupan wirang nu jadi dahuan, adina Rangga Wulung nu nelah Rangga Dipa, gancang nyusut polo hayam tina dada Nyi Putri. Orokaya, Rangga Wulung teu narima. Sakedét nétra, manéhna nyabut keris, laju digabreskeun kana beuteung adina. Saharita, Rangga Dipa nemahan pati. Rangga Wulung nu kakara sadar tina kasalahanna, ngarasa handeueul anu kacida. Manéhna gancang nyabut keris tina beuteung adina, laju digabreskeun kan beuteungna sorangan. Dua sinatria perlaya. Nyi Putri kacida sedihna. Harita kénéh, Eyang Batuwangi nyarita, “Ti danget ieu, katurunan Kaula cadu ngadahar hulu hayam!” Nya ti harita, urang Batuwangi mah tara ngadahar hulu hayam. Sing saha anu ngarémpak, sok katarajang mamala. 

Cik ku hidep paluruh, ari ayeuna éta pacaduan masih kénéh hirup teu di wewengkon Batuwangi Ciudian?