"Mang,
antosan!" Lenyap. Duh, éta sora. Moal kapalingan déngé. Sora manéhna. Sora
nu napel na lelembutan. Sora nu kungsi larbus kana ati. Sora manéhna. Enya, sora
manéhna. Manéhna, nu ngaranna rapang minuhan rohang rasa. Ngaran nu basajan, nu
remen kagundamkeun.
"Mbi...!"
Manéhna.
Nu kalangkangna mulan-malén balawiri dina implengan. Moal. Moal kapalingan
déngé. Gancang malikkeun awak. Bréh.
"Mbi...!"
Léngkahna
teu kebat. Manéhna, kadon
ngajanteng. Nirukkeun teuteup. Pirang ungkara pasuliwer dina teuteupna. Teu
kedal. Hayang nyampeurkeun. Hayang namplokkeun kasono.
"Mbi...!"
Kateug.
Ieu suku lir nu dipaseuk, teu kaduga ngaléngkah.
"Mang...!"
ceuk teuteupna.
"Mbi...!"
ceuk haté. Ngajeten.
"Mang...!"
ceuk sora séjén.
"Mang...!"
nu séjén deui. Nu nyalukan ngaréaan. Patingcelengkeung, ngung-ngong ti saban
juru.
"Mang...!"
Mingkin réa.
"Mang...!"
Mingkin réang.
Ngaweuhan.
Jul-jol. Manéhna, dina pirang dangdanan, dina pirang dedegan.
Pirang keureutan ngadareukeutan. Ngariung. Ngararagamang.
Ngarejengan.
Leng, leng.
"Mang,
nu abdi dihérang!"
Leng.
"Mbiiiii...!"
Les.
30 Agustus 2012