Manéhna kungsi boga cita-cita hayang jadi
astronot.
“Hayang nganjang ka bulan”, cenah. Hayang manggihan
Nini Antéh jeung ucingna, nu remen didongéngkeun ku bapana.
Manéhna sok resep nyawang bulan tina jandéla kamarna.
Neuteup anteb teu ngiceup-ngiceup. Mun kabeneran bongoh, bulan sok dirawél ku
manéhna. Bulan tumanggal. Bulan sapasi. Bulan parahu. Bulan mabra. Bulan surem.
Hiji-hiji diampihan. Diéntépan. Disimpen kalawan tarapti dina lomari. Teu
paduli batur salembur ibur kaleungitan bulan unggal peuting.
Sakapeung, bulan dibalatakkeun di luhur ranjang. Bulan
manéhna. Bulan tatangga. Bulan baraya. Bulan deungeun-deungeun. Piligenti bulan
dibawa ulin. Dimandian. Dibajuan. Dibedakan. Diusapan. Dikeukeupan. Digaléntoran.
Disaréan.
Kitu jeung kitu gawéna unggal peuting, ti saprak bapana
remen unggah kana ranjangna, ngadon mihapékeun bulan di jero beuteungna.
Oktober 2011